Artikel bahasa sunda bow

Mangpaat Teknologi dina kahirupan 

Ari Teknologi informasi dina mangsa kiwari teh geus jadi pangabutuh nu moal bisa dipisahkeun dina kahirupan masarakat di kota atawa di desa. Lain ngan ukur jalma nu boga kapentingan husus di widang bisnis atawa urusan penting sejena, tapi barudak sakola oge geus diwanohkeun jeung eta teknologi, nu dipiharep sangkan bisa ngigelan jaman teu katinggaleun kalindes ku wanci nu beuki maju.

Sumebarna teknologi bisa mawa pangaruh nu hade jeung bisa nimbulkeun pangaruh nu goreng, hal eta gumantung ka jalma nu ngagunakeun teknologina. Rupa-rupa tina wujud hasil teknologi contona diantarana bae komputer, laptop, smartphone, jeung sejenna, di lingkungan barudak sakola eta tilu ngaran teh geus teu aheng deui.


Lantaran eta barang geus jadi pangabutuh anu teu saeutik meakeun waktu jeung waragad, temahna bisa ngalantarankeun barudak sakola poho kana waktu nu utama keur diajar, tepi teu sakabehna kitu aya oge nu ngamanpaatkeun eta teknologi keur kaperluan diajar di sakolana.


Kaparigelan nonoman dina ngakolakeun eta teknologi kawilang nyongcolang upamana seug lamun dibandingkeun jeung kolot-kolotna. Tapi dumasar kana hal eta, kolot barudak kudu taliti tur surti dina nalingakeun ketakna barudak ulah nepika salah lengkah tur pamolah, ku alatan teknologi anu salah ngalarapkeunanana.


Teu kurang ti welasan warnet nu ngadeg meh disaban tempat, warnet-warnet kasebut baris nedunan pangabutuh barudak sakolah pikeun kaperluan diajar atawa migawe tugas pikeun nu can ngabogaan komputer atawa leptop di imahna sorangan.


Teu saeutik balukar anu goreng ti informasi teknologi kiwari nu tumerapna ka rumaja, geus loba kajadiana anu kaalaman ku rumaja alatan internet misalna bae jadi malesna diajar, runtagna mah dijadikeun pintonan nu teu payus keur barudak, jual beli barang haram jeung lain sajabana.


Kahariwangan kolot kana alatan teknologi eta geus jadi alesan pikeun nalingakeun budakna sangkan teu jadi korban pangaruh gorengna teknologi, tapi manfaatna kawilang gede kacida pikeun kamajuan di sagala widang.


Komputer jeung sabangsana kacida pisan pentingna dina sagala widang, boh kusabab bisa ngarengsekeun urusan kalawan gancang tur rapih, ngawasa elmu komputer oge kacida diperlukeunana pikeun ngungkulan jaman kiwari jeung ngjawab tangtangan dina kahirupan.


Semoga bermanfaat dan membantu.

Komentar

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

Doa sebelum dan sesudah makan

Hutbah jum'at tentang kematian